Minggu, 14 Maret 2010

Asmarandana=Birahi silih asih
Asmarandana
Eling-eling masing eling
Rumingkang di bumi alam
Darma wawayangan bae
Raga taya pangawasa
Napsu nu matak kaduhung
Badan anu katempuhan
Lambang=Cara Ladrang ngan leuwih motah
Lambang
Nawu kubang sisi tegal
Nyiar bogo meunang kadal
Atuh tue payu dijual
Rek didahar da teu halal
pucung=Piwuruk,wawaran,kaget,eling
Pucung
Di caringin kakuping laut ngaguruh
Matak hebat pisan
Kalaletir kana hate
Tingjalegur ombak anu neunggar karang
Tada teuing sepuh-sepuh nu kapungkur
Anu geus ngalaman
kalembak ku banjir gede
Putus nyawa lantaran gunung rakata

Tidak ada komentar:

Posting Komentar